Kamis, 26 Juli 2012

Conto biantara bahasa sunda


Wasta              :  
Kelas               : 
Asal Sakola     :  

NGAMUMULE SENI BUDAYA SUNDA
Bismillaahirrahmaanirrahiim
Assalamu’alaikum Warohmatulloohi Wabarokaatuh
Alhamdulillah, assholatu wassalaamu ‘alaa rosuulillah, wa’alaa alihii washohbihi wamawwaalah..
Asyhadu anlaaa ilaaha illallooh wahdahu laa syariikalah, wa asyhadu anna sayyidanaa muhammadan ‘abduhu warosuuluh laa nabiyya ba’dah.
Puji nu jadi mimiti urang sanggakeun ka Ilahi Robbi nu Maha welas tur maha Asih  
Puja nu jadi pangbuka carita urang sanggakeun kanu Maha Kawasa…
Kecap Syukur nu jadi munggaran catur urang sanggakeun kanu Maha Ghofuur…
Kalawan pangawasana Alhamdulillah... Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina raraga “ Pasanggiri Biantara Basa Sunda Tingkat SD sa-Kacamatan Pagerageung.
Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Pamungkas zaman  anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin.
Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.
Hadirin anu sami linggih miwah lenggah  dina ieu pasamoan..!!
Langkung tipayun nepangkeun simkuring wasta pun …………………, siswa kelas          SDN Surialaya  . Alhamdulillah dina danget ieu simkuring tiasa ngiring aub janten patandang dina ieu pasanggiri biantara basa sunda. Maksadna taya sanes mung hoyong diajar nyarios dina basa sunda.
Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis
“Ngamumule Seni Budaya Sunda” . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun deui ieu seni tradisi anu tos pareumeun obor.
Wilujeng ngadangukeun..!!
Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Lamun urang nyorang mangsa ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana.


Hadirin nu ku simkuring di hormat….
Salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa deungeun. Ceuk babasan mah “JATI KASILIH KU JUNTI”
Contona pakakas Angklung nu kiwari kantos diaku ku nagri malaysia. Ieu kajadian teh ulah kaalaman deui anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang sami-sami wangun Jawa Barat teh jadi propinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan jentre, yen urang teh “Mikanyaah, mikadeudeuh tur mikaresep kana seni tradisi Sunda”.
Mun teu ku urang, bade ku saha deui,,,,!?
Aya sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana :
1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta seni tradisi Jawa Barat
2. Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi
3. Buktikeun yen seni tradisi Jawa Barat moal eleh ajenna ku seni tradisi nagara deungeun.
4. Ngadu’a ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara,ngamumule tur   
    Ngajenan seni tradisina
Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.
Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedarkeun ku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Jawa Barat tetep mekar tur nanjeur pikeun ngigelan paneka jaman.
Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda sihapunten anu kasuhan neda jembar pangampura.
Boboko eusi kalapa
Ninggang kana pileuiteun
Abdi bogoh seni sunda
Sieun nepi ka leungiteun
Dahar liwet reujeung peda
Sambelna-sambel tarasi
Mun rumasa urang sunda
Piara seni tradisi
Panitih matana opat
Nu hiji matana inten
Bilih aya anu lepat
Mugi kersa ngahapunten

Billahi Taufik Walhidayah Wassalamu a’laikum warohmatullohi wabarokatu.





Suryalaya, 08 Februari 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar